Senin, 09 Januari 2012

Wawancara Sama Mang Dedi

Saya wawancara dengan tukang becak di Kebon Kalapa, namanya Dedi bla4x saya tak tahu, yang pasti ia sudah memperawani anak orang.


Saya: jeng akang saha ieu teh?
Tukang becak: ahahahahah
Saya: eh serius, sareng akang?
Dedi: Dedi
Saya: oh
Dedi: ahahaha
Saya: kawit timana?
Dedi: ti Cianjur
Saya: oh ti Cianjur,ngalalana ka Bandung nya, nanaonan di Bandung?
Dedi: nya usaha we jeng kulawarga didieu
Saya: ayeuna ngawengi dimana kang?
Dedi: ari ngawengi mah nya di kontrakan
Saya: diii? Kebon kalapa keneh?
Dedi: heunte, di eta pengkereun pasar anyar
Saya: dupi saur akang keperawanan teh nu kumaha?
Dedi: ari aslina keperawanan mah, sakaemut kitu nyaeta istri nu can dijamah ku pameuget, ny katawisna mah nu jarang ameng, nya pastina orangtuana tiasa leres-leres ngadidik kiutu kanu jadi putrana
Saya: ari ngabentenkeun anu perawan jeung nu heunte kumaha carana?
Dedi: ngabentenkeuna nya, posisina kitu nya simpel we secara ieuna itulah, antara blong jeng heunteuna, heheh
Saya:ari gadis jeng parawan benten teu kang?
Dedi: nya ari gadis mah budak keneh, nya dibawah duapuluh tahun, mun parawan mah langkung ti eta, nya istilahna mah tos siap lah, siap digaulan
Saya: ari tanda-tandanya aya teu?
Dedi: nya tanda-tanda mah tos aya dina kebebasanna,mun bebas kitu ameng kamana wae etamah parawan jeng nandakeun tos siap dinaonkeunnana teh, nya dijamah kitu lawanna, mun gais mah biasana mah jadi pegangan orang tua keneh.
Saya: kinten-kinten kang di bandung seueur keneh parawan teu kang?
Dedi: ari ku ayeuna mah, sigana mah moal katawis seueur keneh , soalna di bawah 20 tahunan ge tos seueur nu arameng atuh, eta nandakeun tos sariap, kan ayeuna mah tos beres sakola teh daramel terus gaduh kabogoh terus we dieusian, malahan kajantenan yuswa 15 tahun oge tos nikah, pan benten jeng jaman baheula mah,
Saya: ari baheula kumaha?
Dedi: nya ieu ge cek carita ti sepuh, ti kolot kitu , nya sateuacan tumur 20 tahun mah nya can dewasa kasebatna
Saya: mun ayeuna?
Dedi: nya ayeuna mah sigana beda, nya bisi eusi tiheula nya mending ditikahkeun, katingali sok lalayeut, da memang katingalina kitu, malahan kajantenan kan sakola SD ge ditikahkeun.
Saya: gara-gara?
Dedi: nya eta ulin wae
Saya: jadi?
Dedi: nya eta tea di bawah 20 tahun haroyong diaku parawan tea, nya nu pantes mah diatas 20 tahun jadi parawan teh da tos siap dikukumahana.
Saya: jadi kumaha nasibna parawan teh
Dedi: ari ku ayeuna mah nya terancam, margi pergaulana ampir bebas pisan
Saya: jadi kudu kamaha nyalametkeun para parawan teh?
Dedi: nya kedah ieu we orang tuana, ngaosna, ngadidikna kedah ketat kitu, nya kacaritakeun ayeuna mah jam dua welas can aya di bumi, kan jaman baheula mah saatos isya teh kedah aya di bumi, kukulamprengan
Saya: jadi eta salah saha?
Dedi: lamun disebutkeun mah etamah salah orang tua, nya salah ngadidik
Saya: mun sakola kumaha
Dedi: nya eta oge , pang na mah eta tah dina jajan wae, komo dina jaman nu kieu, engke teh janten wantun kanu kolot teh, terus we milarian kamu sanes
Saya: aya hubunganna teu keperawanan jeng tuangan
Dedi: ah eta mah heunte sigana mah
Saya: mun hubungan jeng moral kumaha?
Dedi: tah mun eta mah sigana aya
Saya: aya pesen kanu teu parawan teu kang?
Dedi: nya sing ngajagi we, upami tos gaduh kabogoh sing bener ngajaga diri, da engke mah mun tos nikah mah bakalan nyobaan, hehe
Saya: aya pesen kanu parawana teu?
Dedi: kanu parawan mah, nya sing leres we ngajagina, terutami ka orang tuana, margi kasebatna etamah mahkotana, tambih istri mah pondok lengkah


*dibuat untuk dalam rangka majalah RTK yang kahiji

Tidak ada komentar:

Posting Komentar